LAILATUL QODAR

بسم الله والحمد لله والصلاة والسلام على رسول الله صلعم 

قَالَ الْغَزَالِيُّ وَغَيْرُهُ : إِنَّهَا تُعْلَمُ فِيْهِ بِالْيَوْمِ الْأَوَّلِ مِنَ  الشَّهْرِ
Parantos ngadawuh Imam Ghozali sareng U`lama' sanesna : saenyana ari Lailatul qodar eta bisa dikanyahokeun dina itu lailatul qodar  dina poe mimiti puasa tina sasih romadhon.
فَإِنْ كَانَ أَوَّلُهُ يَوْمَ الْأَحَدِ أَوْ الْأَرْبِعَاءِ فَهِيَ لَيْلَةُ تِسْعٍ وَعِشْرِينَ ,
Mangka lamun mimiti puasa murag dina poe Ahad atawa Rebo mangka ari lailatul qodarna eta murag dina wengian ka 29 romadhon
 أَوْ يَوْمَ اْلِاثْنَيْنِ فَهِيَ لَيْلَةُ إحْدَى وَعِشْرِيْنَ
atawa lamun mimiti puasa murag dina poe Senen mangka ari lailatul qodarna eta murag dina wengian ka 21 romadhon

 أَوْ يَوْمَ الثُّلَاثَاءِ أَوِ الْجُمُعَةِ فَهِيَ لَيْلَةُ سَبْعٍ وَعِشْرِيْنَ ,
atawa lamun mimiti puasa murag dina poe Salasa atawa jum'at mangka ari lailatul qodarna eta murag dina wengian ka 27 romadhon
 أَوْ يَوْمَ الْخَمِيْسِ فَهِيَ لَيْلَةُ خَمْسٍ وَعِشْرِيْنَ ,
atawa lamun mimiti puasa murag dina poe Kemis mangka ari lailatul qodarna eta murag dina wengian ka 25 romadhon
 أَوْ يَوْمَ السَّبْتِ فَهِيَ لَيْلَةُ ثَلَاثٍ وَعِشْرِيْنَ


atawa lamun mimiti puasa murag dina poe Sabtu mangka ari lailatul qodarna eta murag dina wengian ka 23 romadhon
قَالَ الشَّيْخُ أَبُو الْحَسَنِ الشَّاذِلِى رحمه الله تعالى : وَمُنْذُ مَا بَلَغْتُ سِنَّ الرِّجَالِ مَا فَاتَتْنِي لَيْلَةُ الْقَدْرِ بِهَذِهِ الْقَاعِدَةِ الْمَذْكُوْرَةِ

Parantos ngadawuh Syeh Abul Hasan Asy-syadzili ra. : timimiti dugi kaula kana nincak yuswa dewasa, lailatul qodar teu acan kantos kalengitan ( melesat )  kalawan ieu jadwal anu parantos ditutur
نقل من إعانة الطالبين جزء ٢ صفحة ٢٥٧

Tidak ada komentar:

Posting Komentar