Bab Qurban

بسم الله الرحمن الرحيم
الحمد لله رب العاليمن ، والصلاة والسلام على أشرف الأنبياء والمرسلين سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين
اْلأُضْحِيَّةُ : مَا يُذْبَحُ مِنَ النَّعَمِ فِى زَمَنٍ مَخْصُوْصٍ بِقَصْدِ التَّقَرُّبِ اِلَى اللهِ تَعَالَى
Qurban nyaeta sato ingon-ingon (onta,sapi jeung Domba) anu dipeuncit dina mangsa anu atos dicindekkeun kalawan tujuan semata-mata ngaraketkeun diri ka Alloh SWT.
 
وَهِيَ سُنَّةٌ مُؤكَّدَةٌ، لا تَجِبُ إِلاَّ بالنَّذْرِ
 ari qurban eta hukum na sunnah muakkad. Jeung  henteu wajib kajabi kalawan boga nadzar.

وَلا يُجْزِىءُ فِيْهَا إِلاَّ الإِبِلُ والبَقَرُ والْغَنَمُ
 Henteu sah pikeun qurban kajaba mung onta,sapi jeung  domba.

وَتُجْزِىءُ الشَّاةُ عَنْ وَاحِدٍ وَاْلبَدَنَةُ أَوِ الْبَقَرَةُ عَنْ سَبَعَةٍ ،وَسَبْعُ شِياهٍ أَفْضَلُ مِنَ البَدَنَةِ أَوِ البَقَرَةِ
jeung nyukupan hiji domba pikeun saurang , jeung ari onta atawa sapi pikeun tujuh urang. jeung Tujuh domba langkung utami tinimbang hiji onta atawa hiji sapi pikeun tujuh urang.

وَأَفْضَلُهَا مِنْ حَيْثُ النَّوْعُ بَدَنَةٌ، ثُمَّ بَقَرَةٌ، ثُمَّ ضَائِنَةٌ، ثُمَّ عَنْزٌ ثُمَّ سُبْعُ بَدَنَةٍ ثُمَّ سُبْعُ بَقَرَةٍ
Tina sagi rupi ( jenis ) na, anu pangutamina nyaeta onta,tuluy sapi, tuluy domba, tuluy embe jawa,saterasna sepertujuh onta. Saterasna sepertujuh sapi 

وَأَفْضَلُها مِنْ حَيْثُ اللَوْنُ الْبَيضاءُ، ثُمَّ الْصَّفْراءُ ثُمَّ الْغَبْراءُ، ثُمَّ الْبَلْقَاءُ ثُمَّ الْسَّوْدَاءُ، ثُمَّ الحَمْرَاءُ
Tina sagi kelir ( warna ), anu pangutamina nyaeta warna bodas,lajeung koneng, lajeung kulawu ,saterusna warna belang bodas-hideung. Saterasna hideung saterusna warna beureum.

وَالْمُجْزِئُ فِيْهَا مِنَ الإِبِلِ أَنْ يَكُونَ لَهَا خَمْسُ سِنِينَ تَامَّةٌ وَمِنَ الْبَقَرِ وَالْمَعْزِ سَنَتَانِ تَامَّتَانِ وَمِنَ الْضَّأْنِ سَنةٌ تَامَّةٌ،أَوْ أَسْقَطَ ثَنَايَاهُ بَعْدَ سِتَّةِ أَشْهُرٍ
Sedengkeun anu sah pikeun qurban,(1) Lamun onta,hadena geus umur lima taun. Lamun sapi jeug embe jawa geus umur dua taun,lamun domba geus umur sataun nanging tos murudul huntu hareupeunana (kupak) sanggeus umur 6 bulan.

وَأَنْ تَكُوْنَ الضَّحِيَّةُ سَلِيْمَةً مِنْ كُلِّ عَيْبٍ يُنْقِصُ لَحْمَهَا
(2) Hadena  sato kurbannya salamet  tina sadaya cacad (aeb) anu tiasa ngurangan daging na.

بِأَنْ لاَ تَكُونَ جَرْباءَ وَإِنْ قَلَّ، وَلاَ شَدِيدَة العَرَجِ وَلاَ عَجْفاءَ وَلاَ مَجْنُونَةً وَلا عَمْياءَ وَلا عَوْراءَ وَلاَ مَرِيضَةً مَرَضاً يُفْسِدُ لَحْمَهَا وَأَنْ لاَ يَبينَ شَيْءٌ مِنْ أُذُنِهَا وَإِنْ قَلَّ  أَوْ لِسَانِهَا أَوْ ضَرْعِهَا أَوْ أَلْيَتِهَا، وَلاَ شَيْءٌ ظَاهِرٌ مِنْ فَخِذِهَا،اِلاَّ الْخَصِىَّ وَأَنْ لاَ تَذْهَبَ جَمِيعُ أَسْنَانِهَا
Nyaeta,hadena henteu panyakitan ( budug ) soksanajan saeutik,henteu pengkor anu parna,henteu begang,henteu gelo,henteu lolong,henteu juling panonna,henteu gering  parna anu bisa ngarusak daging na,henteu pites ceuli na soksanajan saeutik,atawa letah na,atawa susu na atawa bokongnya jeung  bagean anu tembog tina pingping na. Kajabi torpedona ( dikabiri,sanajan  siki na lengit,mangka angger sah pikeun qurban). jeung hadena henteu murudul sakabeh huntu na.

وَيُشْتَرَطُ أَنْ يَنْوِي التَّضْحِيَةَ بِهَا عِنْدَ الذَّبْحِ أَوْ قَبْلَهُ ، وَيَجُوْزُ أَنْ يُوَكِّلَ مُسْلِمًا فِى النِّيَّةِ وَالذَّبْحِ

jeung  disaratkeun hadena niat qurban kalawan eta sato,nalika meuncit atawa samemehna. Kenging hukum na ngawawakilkeun niat  jeung  meuncit ka batur anu muslim

وَوَقْتُ التَّضْحِيَةِ يَدْخُلُ بَعْدَ طُلوعِ الْشَّمْسِ يَوْمَ الْنَّحْرِ، وَمُضِيِّ قَدْرِ رَكْعَتَيْنِ وَخُطْبَتَيْنِ وَيَمْتَدُّ إِلى آخِرِ أَيَّامِ الْتَّشْرِيقِ
Sedengkeun wanci pameuncitanna sanggeus medal sarangenge dina dinten idhul Adha jeung seukuran mangsa milampah 2 raka ' at solat ied sarta 2 khutbahna . jeung  waktuna masih aya nepika pamungkas dinten tasyriq ( tgl 13 Dzul Hijjah )

وَيَحْرُمُ اْلأَكْلُ مِنَ الضَّحِيَّةِ الْوَاجِبَةِ
Haram hukum na dahar tina qurban anu wajib

وَيَجِبُ التَّصَدُّقُ بِهَا كُلِّهَا حَتَّى جِلْدِهَا وَقَرْنِهَا
Wajib menyedekahkeun sakabehna,nepika kulit  jeung  tanduk na.

وَالسُّنَّةُ أَنْ يَأْكُلَ مِنَ الضَّحِيَّةِ الْمَسْنُوْنَةِ وَاْلأَفْضَلُ اْلأَكْلُ مِنْ كَبِدِهَا،
Sunnah hukum na dahar  tina kurban sunnah. Jeung  anu pangutamina ngadahar atina.

وَيَجِبُ التَّصَدُّقُ بِجُزْءٍ مِنْ لَحْمِهَا نَيِّئًا
Wajib nyedekahkeun kalawan bagean tina daging na dina kaayaan atah.

وَاْلأَفْضَلُ التَّصَدُّقُ بِهَا كُلِّهَا إِلاَّ لُقَماً يَتَبَرَّكُ بِأَكْلِهَا

Anu pangutamina nyedekahkeun sakabehna, ngaiwalkeun mung sababaraha huap anu dipenta berkah kalawan ngadaharna.

وَمَنْ لَمْ يَفْعَلْ تَصَدَّقَ بِثُلُثِهَا وَأَهْدَى ثُلُثَهَا وَأَكَلَ ثُلُثَهَا
Sing saha jalma anu henteu migawe,mangka nyedekahkeun kalawan sapertilu na,ngahadiahkeun kalawan sapertilu na jeung  ngadaharna kalawan sapertilu na.

وَيُكْرَهُ لِمُرِيْدِ التَّضْحِيَّةِ أَنْ يُزِيلَ شَيْئاً مِنْ شَعْرِهِ أَوْ ظُفْرِِهِ في عَشْرِ ذِي الحِجَّةِ حَتَّى يُضَحِّيَ.

jeung  dimakruhkeun pikeun  jalma anu bade qurban ngaleungitkeun hiji perkara  ti bulu atawa kuku na dina kaping 1 dugi 10 Dzul Hijjah,pikeun anu qurban, nepika dipeuncit sato na.

وَالسُّنَّةُ أَنْ يَذْبَحَهَا الرَّجُلُ بِنَفْسِهِ ، وَأَنْ يَحْضُرَ الذَّبْحَ مَنْ لَمْ يَذْبَحْ بِنَفْسِهِ وَيُسَمِّيَ وَيُكَبِّرَ اللهَ تَعَالَى عِنْدَ الذَّبْحِ ، وَيُصَلِّيَ وَيُسَلِّمَ عَلَى النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم
Sunnah hadena hiji lalaki ( anu qurban ) meuncit sorangan sato qurbanna . jeung  hadena jalmi anu henteu meuncit,nyaksian pameuncitanna. Hadena maos bismillah jeung  maos takbir jeung  maos shalawat nalika  meuncit

SUNNAH PAS BADE MADEP KA QIBLAT MAOS :

‏أَعُوْذُ بِالله مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ مِنْ هَمْزِهِ وَنَفْخِهِ وَنَفْثِهِ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَانِ الرَّحِيْمِ
اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ
اَللهُ أَكْبَرُ ٣× ، لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ، وَاللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ وَلِلهِ الْحَمْدُ ٣×
إِنِّيْ وَجَّهْتُ وَجْهِيَ لِلَّذِيْ فَطَرَ السَّمَوَاتِ وَاْلأَرْضَ حَنِيْفاً مُسْلِماً وَمَا أَنَا مِنَ اْلمُشْرِكِيْنَ

TERAS MAOS NIAT MENCIT :

نَوَيْتُ أَنْ أَذْبَحَ هَذِهِ...(  اْلإِبِلُ أو الْجَمَلُ أو اْلبَقَرُ أو اْلبَقَرَةُ أو الْخَرُوْفُ أو الْغَنَمُ )....  أَنْ يَقْطَعَ الْوَدْجَيْنِ اْلمُرِئَ وَالْحُلْقُوْمَ لِلهِ تَعَالَى


Teras maos doa mencitna  :

بِسْمِ اللهِ اَللهُ أَكْبَرُ.......
Doa  Qurban keur pribadi  :

اَللَّهُمَّ هَذِهِ اْلأُضْحِيَّةُ نِعْمَةٌ مِنْكَ عَلَيَّ ، وَتَقَرَّبْتُ بِهَا اِلَيْكَ ، فَتَقَبَّلْهَا مِنِّىْ ، كَمَا تَقَبَّلْتَ مِنْ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ عَلَيْهِ السَّلَامُ ، وَسَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ، فَاجْعَلْهَا مَطِيَّتِىْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ ، يَااللهُ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
Hei Gusti pangeran abdi , ari ieu qurban eta janten ni`mat ti Gusti ka simkuring , sareng mideuheus simkuring ku ieu qurban ka Gusti mangka mugi nampi Gusti kana Qurban ti simkuring sakumaha Gusti parantos nampi qurbanna Kangjeung Nabi Ibrahim sareng  Kangjeung Nabi Muhammad SAW. Mugi ngajantenkeun Gusti kana ieu qurban halna janten kandaraan simkuring dina poe qiamah. Hei Alloh, hei anu pangasih-asihna tinu Maha Asih.

Doa  Qurban sapi atawa onta keur batur  7 urangeun  :

اَللَّهُمَّ هَذِهِ اْلأُضْحِيَّةُ  ..... فُلَانْ بِنْ فُلَانْ وَ فُلَانْ بِنْ فُلَانْ....... نِعْمَةٌ مِنْكَ عَلَيْهِمِ ، وَتَقَرَّبُوْا بِهَا اِلَيْكَ ، فَتَقَبَّلْهَا مِنْهُمْ ، كَمَا تَقَبَّلْتَ مِنْ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ عَلَيْهِ السَّلَامُ ، وَسَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ، فَاجْعَلْهَا مَطِيَّتَهُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ ، يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
Hei Gusti pangeran abdi , ari ieu qurban…..( fulan bin fulan )….eta janten ni`mat ti Gusti ka aranjeunna , sareng mideuheus aranjeunna ku ieu qurban ka Gusti mangka mugi nampi Gusti kana Qurban ti aranjeunna sakumaha Gusti parantos nampi qurbanna Kangjeung Nabi Ibrahim sareng  Kangjeung Nabi Muhammad SAW. Mugi ngajantenkeun Gusti kana ieu qurban kana kandaraanna dina poe qiamah. Hei Dzat anu pangasih-asihna tinu Maha Asih.

Doa  Qurban domba atawa kambing keur  batur saurangeun  :

اَللَّهُمَّ هَذِهِ اْلأُضْحِيَّةُ  ..... فُلَانْ بِنْ فُلَانْ....... نِعْمَةٌ مِنْكَ عَلَيْهِ ، وَتَقَرَّبَ بِهَا اِلَيْكَ ، فَتَقَبَّلْهَا مِنْهُ ، كَمَا تَقَبَّلْتَ مِنْ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ عَلَيْهِ السَّلَامُ ، وَسَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ، فَاجْعَلْهَا مَطِيَّتَهُ يَوْمَ الْقِيَامَةِ ، يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
Hei Gusti pangeran abdi , ari ieu qurban…..( fulan bin fulan )….eta janten ni`mat ti Gusti ka anjeunna ( jalmi anu qurban ), sareng mideuheus anjeunna ( jalmi anu qurban ),  ku ieu qurban ka Gusti mangka mugi nampi Gusti kana Qurban ti anjeunna ( jalmi anu qurban ),  sakumaha Gusti parantos nampi qurbanna Kangjeung Nabi Ibrahim sareng  Kangjeung Nabi Muhammad SAW. Mugi ngajantenkeun Gusti kana ieu qurban kana kandaraanna dina poe qiamah. Hei Dzat anu pangasih-asihna tinu Maha Asih.

Teras sholat sunnah qurban, ba`da sholat  maos doa ieu  :

اَللَّهُمَّ إِنَّ صَلَاتِيْ وَنُسُكِيْ وَمَحْيَايَ وَمَمَاتِيْ لِلهِ رَبِّ اْلعَالَمِيْنَ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَبِذَلِكَ أُمِرْتُ وَأَنَا مِنَ اْلمُسْلِمِيْنَ
اَللَّهُمَّ هَذِهِ أُضْحِيَّةُ  ..... فُلَانْ بِنْ فُلَانْ وَ فُلَانْ بِنْ فُلَانْ....... فَتَقَبَّلْ مِنْهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ

( نقل فى درّة الناصحين ص. 277 - 278 )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar