RIWAYAT HIRUP RINGKEUS
- Majlis Ta`lim " Sayyidul Arwah "
- bandung, Jawa barat, Indonesia
- my name is ade anak Paslan and my adress JL.SITU GUNTING BARAT 1 RT05 RW09 KEL.BABAKAN CIPARAY KEC.BABAKAN CIPARAY ana seorang pencari ilmu di Majlis Ta`lim Sayyidul Arwaah
CATEUTAN KURING
Diberdayakan oleh Blogger.
DAFTAR HEULA ATUH
Mi`raj Nabi Saw. 2
حتى انتهى إلى باب من أبواب السماء الدنيا
Nepika tutug ka hiji lawang anu tetep tina pirang lawangna langit dunya
قيل أنّها من ذهب بيضاء ومغاليقها من النور ومفاتيحها إسم الله الأعظم يقال له باب الحفظة
Jeung ceuk hiji qoul mah saestuna langit dunya eta diwangun tina emas bodas jeung ari pirang-pirang tulakna langit dunya eta tina cahaya jeung ari pirang-pirang koncina langit dunya nyaeta jeuneungan Alloh anu Agung dingaranan kana eta lawang langit dunya teh naon lawang “ hafazhoh “
وقيل أيضا أنّ السماء أشدّ بياضا من اللبن وإنما اخضرت من خضرة جبل قاف واسم تلك السماء رقيعة
Jeung ceuk hiji qoul deui mah saestuna langit dunya eta leuwih bangeut bodas warnana tibatan susu lamun langit katingal bulao eta sabab tegtogan ( pantulan ) bulaona gunung Qoof, jeung ari ngaran langit dunya eta Roqii`ah
وقيل أنّ الخازنها ملك اسماعيل وهو صاحب سماء الدنيا يسكن الهواء لم يصعد إلى السماءالثانية قط ولم يهبط إلى الأرض قط إلا يوم مات النبى صلعم وبين يديه سبعون الف ملك مع كلّ ملك جند من الملائكة سبعون الف ملك
Jeung di omongkeun kana saestuna juru kuncina langit dunya eta malaikat ismail jeung ari malaikat ismail eta anu ngaraksa kana langit dunya cicing eta malaikat ismail dina awang-awang hanteu hanjat ismail kana langit kadua sama sakali sareung tara turun malaikat ismail kana bumi sama sakali kajaba dina poean maotna Kangjeung nabi Muhammad Saw. Jeung eta tetep dipayuneun malaikat ismail ari 70.000 malaikat eta tetep sarta sakur-sakur malaikat ari bala tentara anu tetep ti para malaikat anu 70.000 malaikat.
فقرع جبريل باب السماء الدنيا فقيل : من ذا ؟ فقال أنا جبريل فقيل : من معك قال: محمد أوقد أرسل إليه فقال: نعم ففتح ذلك الباب فدخلوا فيه
Maka ngetrokkan malaikat jibril kana panto langit dunya , teras di taros saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : “ari kaula eta jibril “. mangka ditaros deui , saha anu ngareujeungan anjeun ? mangka ngawaleur jibril :” nyaeta Muhammad “, naha temen-temen diutus Muhammad kana lawang langit ka hiji ? mangka ngawaleur jibril: “ sumuhun” , mangka dibuka eta lawang teuras leubeut sadayana kajero eta lawang
و حين هو يدخل فيها إذ رآى ملائكة قائما دائما من يوم خلقهم الله تعالى مع قراءة الأذكار ولا يركعون
Dina waktu kangjeung Nabi Saw. Leubeut ka jerona, ujug-ujug ninggal kangjeung Nabi Saw. ka malaikat anu ngadeug dina salawasna halna maos dzikir sareung hanteu ruku` eta malaikat ti ngawitan poean ngadameul Allah Swt. ka eta malaikat,
وبينما هو يسير فيها إذ رآى ديكا له ريش ابيض كأشدّ بياض وله رغب احضر تحت ريشه كأشدّ خضرة وإذا رجلاه فى نحوم الأرض السفلى ورأسه تحت العرش له جناحان فى منكبيه إذا نشر هما جاوز المشرق والمغرب فإذا كان بعض الليل نشر جناحيه وخفقا بهما وصرخ بالتشبيح لله عزّ ودجلّ يقول :
Jeung diantarana Kangjeung Nabi Saw. keur leumpang dijero langit dunya ujug-ujug ningali Kangjeung Nabi Saw. kana hayam jago ngabogaan bulu anu bodas sacara pangbangeut-bangeutna bodas , jeung ngabogaan bulu anu hejo dina handapeun bulu bodasna sacara pangbangeut-bangeutna hejo , ari keur kitu katingali 2 sukuna eta dina dasarna bumi anu panghandapna. Jeung ari huluna dina handapeun arasy, ngabogaan 2 jangjang dina leubah 2 taktakna dimana meberkeun 2 jangjangna mangka ngaliwat ka masyriq jeung ka maghrib mangka dimana-mana aya teungah peuting eta meberkeun hayam kana 2 jangjangna jeung kikiplik ku dua jangjangna jeung nyowarana ku tasbeh ka Alloh Swt . anu Maha Mulya jeung nu Maha Agung : kieu pokna :
سبحان الملك القدوس الكبير المتعال لاإله إلا الله الحى القيوم
“ Maha suci Alloh anu ngarajaan anu maha beresih tur maha agung tur maha luhur hanteu aya deui pangeran anging Alloh anu maha jumeuneung tur maha ngadeug kalawan Dzat-Na.”
فإذا فعل ذلك سبّحت ديكة الأرض كلها وخفقت بأجنحتها وأخذت بالصراخ فإذا سكن ذلك الديك فى السماء سكنت ديكة الأرض
Mangka dimana-mana migawe eta hayam kana tasbih mangka maca tasbih hayam-hayam anu aya di bumi sakabehna jeung ngiplikkeun hayam kana pirang-pirang jangjangna jeung tandang eta hayam kana disada ( kongkorongok ), mangka dimana cicing eta hayam dilangit mangka cicing hayam anu aya dibumi.
وبينما النبى صلى الله عليه وسلم يسير فيها إذ إلتقى برجل قاعد على يمينه أسودة وعلى يساره أسودة
Jeung diantara pirang-pirang waktu ari kangjeung nabi Saw. Eta keur leumpang dijero eta langit ujug-ujug pateupang kangjeung nabi ka hiji pameugeut halna calik, anu tibeulah katuhuna eta pameugeut aya sabagean besar manusa jeung tibeulah kencana eta pameugeut aya sabagean besar manusa
فإذا نظر قبل يمينه ضحك, وإذا نظر قبل يساره بكى
Mangka dimana ningali itu pameugeut kana Beulah katuhuna itu pameugeut mangka gumujeung itu pameugeut jeung dimana ningali itu pameugeut kana Beulah kencana itu pameugeut mangka nangis itu pameugeut
فقال: مرحباً بالنبي الصالح والابن الصالح ثم دعا له بخير
Lajeung itu pameugeut nyarios : wilujeung sumping Nabi Anu sholih sareung putra anu sholih teuras ngadoakeun itu pameugeut ka kangjeung Nabi Saw. Kalawan kasaean.
قال لجبريل: من هذا ؟ قال: هذا آدم
Mangka tumaros kangjeung nabisaw. ka malaikat jibril : saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : ari ieu eta Nabi Adam as.
,وهذه الأسودة التي عن يمينه وعن شماله نسم بنيه
Jeung ari ieu jalmi-jalmi anu tibeulah katuhuna nabi adam jeung ti Beulah kencaeunna nabi adam eta eta putra-putrana nabi adam as.
فأهل يمينه منهم أهل الجنة
Maka ari jalmi-jalmi anu tibeulah katuhuna nabi adam ti itu jalmi-jalmi eta ahli surga
والأسودة التي عن شماله أهل النار
Maka ari jalmi-jalmi anu tibeulah kencana nabi adam as. eta ahli naraka
ثم صعد إلى السماء الثانية قيل أنّها من حديد تتلألأ نورا واسمها فيدوم أو ماعون
Tuluy unggah malaikat Jibril as. Sareung Nabi Muhammad Saw. Kana langit anu ka-2 di omongkeun saestuna langit ka 2 eta diwangun tina beusi anu moronyoy ngaluarkeun cahaya jeung ngarana Faiiduum atanapi Maa`uun
فقرع الباب السماء الثانية فقيل : من ذا ؟ فقال أنا جبريل فقيل : من معك قال: محمد أوقد أرسل إليه فقال: نعم ففتح ذلك الباب فدخلوا فيه
Maka ngetrokkan malaikat jibril kana panto langit ka 2 , teras di taros saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : “ari kaula eta jibril “. mangka ditaros deui , saha anu ngareujeungan anjeun ? mangka ngawaleur jibril :” nyaeta Muhammad “, naha temen-temen diutus Muhammad kana lawang langit ka hiji ? mangka ngawaleur jibril: “ sumuhun” , mangka dibuka eta lawang teuras leubeut sadayana kajero eta lawang
و حين هو يدخل فيها إذ رآى ملائكة راكعين دائما ولا يرفعون رؤسهم
Dina waktu kangjeung Nabi Saw. Leubeut ka jerona, ujug-ujug ninggal kangjeung Nabi Saw. ka malaikat halna anu ruku` sadayana dina salawasna sareung teu nyeungkatkeun malaikat kana pirang-pirang mastakana
وبينما هو صلى الله عليه وسلم يسير فيها إذ إلتقى برجلين
Jeung diantara pirang-pirang waktu ari kangjeung nabi Saw. Eta keur leumpang dijero eta langit ujug-ujug pateupang kangjeung nabi saw. ka 2 pameugeut
فقالا: مرحباً بالنبي الصالح والابن الصالح ثم دعا له بخير
Lajeung itu 2 pameugeut nyarios : wilujeung sumping Nabi Anu sholih sareung putra anu sholih teuras ngadoakeun itu pameugeut ka kangjeung Nabi Saw. Kalawan kasaean.
قال لجبريل: من هذان ؟ قال: أمّا هذا يحى بن زكريا عليه السلام وأمّا هذ رجل ربعة سبط تعلوه حمرة وهوعيسى بن مريم عليهما السلام
Mangka tumaros kangjeung nabi saw. ka malaikat jibril : saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : ari ieu eta nabi yahya putra pameugeutna nabi Zakaria as. Anapon ieu pameugeut anu jangkungna seudeung, rambutna ikal, warna kulitna semu kabeureum-beureuman eta nabi isa putra pameugeutna sitti maryam as.
ثم صعد إلى السماء الثالثة قيل أنّها من نحاس يقال لها ملكوت أو هاريون
Tuluy unggah malaikat Jibril as. Sareung Nabi Muhammad Saw. Kana langit anu ka-3 di omongkeun saestuna langit ka 3 eta diwangun tina tambaga anu disebat kalawan Malakuut atanapi Haaroyuun
فقرع الباب السماء الثالثة فقيل : من ذا ؟ فقال أنا جبريل فقيل : من معك قال: محمد أوقد أرسل إليه فقال: نعم ففتح ذلك الباب فدخلوا فيه
Maka ngetrokkan malaikat jibril kana panto langit ka 3 , teras di taros saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : “ari kaula eta jibril “. mangka ditaros deui , saha anu ngareujeungan anjeun ? mangka ngawaleur jibril :” nyaeta Muhammad “, naha temen-temen diutus Muhammad kana lawang langit ka hiji ? mangka ngawaleur jibril: “ sumuhun” , mangka dibuka eta lawang teuras leubeut sadayana kajero eta lawang
و حين هو يدخل فيها إذ رآى ملائكة ساجدين ولا يرفعون رؤسهم إلا عند تسليم رسول الله صلى الله عليه وسلم فيرفعون حينئذ رؤسهم
Dina waktu kangjeung Nabi Saw. Leubeut ka jerona, ujug-ujug ninggal kangjeung Nabi Saw. ka malaikat halna sujud sadayana sareung teu nyeungkatkeun malaikat kana pirang-pirang mastakana anging dina nalika masihan salamna Rosululloh saw. Ka itu malaikat mangka nyeungkatkeun malaikat dina nalika taslim kana pirang-pirang mastakana
وبينما هو صلى الله عليه وسلم يسير فيها إذ إلتقى برجل الحسن وجهه كالقمر ليلة البدر على سائر الكواكب
Jeung diantara pirang-pirang waktu ari kangjeung nabi Saw. Eta keur leumpang dijero eta langit ujug-ujug pateupang kangjeung nabi saw. ka pameugeut anu kasep rarayna itu pameugeut sapeurti bulan dina peutingan tanggal 14 ngunggulan kana sakarina pirang-pirang bentang
فقال: مرحباً بالنبي الصالح والابن الصالح ثم دعا له بخير
Lajeung itu pameugeut nyarios : wilujeung sumping Nabi Anu sholih sareung putra anu sholih teuras ngadoakeun itu pameugeut ka kangjeung Nabi Saw. Kalawan kasaean.
قال لجبريل: من هذا ؟ قال: هذا يوسف عليه السلام
Mangka tumaros kangjeung nabisaw. ka malaikat jibril : saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : ari ieu eta Nabi Yusuf as.
ثم صعد إلى السماء الرابعة قيل أنّها من فضة بيضاء يكاد نورها يخطف الأبصار واسمها الزاهرة
Tuluy unggah malaikat Jibril as. Sareung Nabi Muhammad Saw. Kana langit anu ka-4 di omongkeun saestuna langit ka 4 eta diwangun tina perak anu bodas ampir-ampit cahayana tiasa ngicalkeun paningali soca , ngaranna nyaeta Zaahiroh
فقرع الباب السماء الرابعة فقيل : من ذا ؟ فقال أنا جبريل فقيل : من معك قال: محمد أوقد أرسل إليه فقال: نعم ففتح ذلك الباب فدخلوا فيه
Maka ngetrokkan malaikat jibril kana panto langit ka 4 , teras di taros saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : “ari kaula eta jibril “. mangka ditaros deui , saha anu ngareujeungan anjeun ? mangka ngawaleur jibril :” nyaeta Muhammad “, naha temen-temen diutus Muhammad kana lawang langit ka hiji ? mangka ngawaleur jibril: “ sumuhun” , mangka dibuka eta lawang teuras leubeut sadayana kajero eta lawang
و حين هو يدخل فيها إذ رآى ملائكة يتشهّدون دائما
Dina waktu kangjeung Nabi Saw. Leubeut ka jerona, ujug-ujug ninggal kangjeung Nabi Saw. ka malaikat halna anu tahiyyat sadayana dina salawasna
وبينما هو صلى الله عليه وسلم يسير فيها إذ إلتقى برجل
Jeung diantara pirang-pirang waktu ari kangjeung nabi Saw. Eta keur leumpang dijero eta langit ujug-ujug pateupang kangjeung nabi saw. ka hiji pameugeut
فسلّم عليه فردّ عليه السلام
Mangka uluk salam kangjeung nabi ka itu pameugeut, teuras ngawaleur itu pameugeut ka kangjeung nabi kana uluk salamna.
ثمّ قال: مرحباً بالنبي الصالح والابن الصالح ثم دعا له بخير
Lajeung itu pameugeut nyarios : wilujeung sumping Nabi Anu sholih sareung putra anu sholih teuras ngadoakeun itu pameugeut ka kangjeung Nabi Saw. Kalawan kasaean.
قال لجبريل: من هذا ؟ قال: هذا إدريس عليه السلام وقد رفعه الله تعالى مكانا عليّا
Mangka tumaros kangjeung nabisaw. ka malaikat jibril : saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : ari ieu eta Nabi Idris as. Teumeun-teumeun tos ngaluhurkeun Alloh Swt. Kana tempat anu luhur
ثم صعد إلى السماء الخامسة قيل أنّها من ذهب أحمر يقال لها المزينة أو المسهرة
Tuluy unggah malaikat Jibril as. Sareung Nabi Muhammad Saw. Kana langit anu ka-5 di omongkeun saestuna langit ka 5 eta diwangun tina emas beureum , anu disebat Muzayyanah atanapi Musahharoh
فقرع الباب السماء الخامسة فقيل : من ذا ؟ فقال أنا جبريل فقيل : من معك قال: محمد أوقد أرسل إليه فقال: نعم ففتح ذلك الباب فدخلوا فيه
Maka ngetrokkan malaikat jibril kana panto langit ka 5 , teras di taros saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : “ari kaula eta jibril “. mangka ditaros deui , saha anu ngareujeungan anjeun ? mangka ngawaleur jibril :” nyaeta Muhammad “, naha temen-temen diutus Muhammad kana lawang langit ka hiji ? mangka ngawaleur jibril: “ sumuhun” , mangka dibuka eta lawang teuras leubeut sadayana kajero eta lawang
و حين هو يدخل فيها إذ رآى ملائكة يسبّحون ويذكرون الله دائما
Dina waktu kangjeung Nabi Saw. Leubeut ka jerona, ujug-ujug ninggal kangjeung Nabi Saw. ka malaikat halna maca tasbih sareung dzikir ka Alloh swt. Dina salawasna
وبينما هو صلى الله عليه وسلم يسير فيها إذ إلتقى برجل وهو نصف لحيته بيضاء ونصفها سوداء تكاد تضربه إلى سرّته من طولها
Jeung diantara pirang-pirang waktu ari kangjeung nabi Saw. Eta keur leumpang dijero eta langit ujug-ujug pateupang kangjeung nabi saw. ka hiji pameugeut anu satengah janggotna eta bodas jeung satengah deui eta hideung deukeut eta janggot eta ngambay janggot ka itu pameugeut dugi ka udeulna itu pameugeut tina bawaning panjang janggotna.
فسلّم عليه فردّ عليه السلام
Mangka uluk salam kangjeung nabi ka itu pameugeut, teuras ngawaleur itu pameugeut ka kangjeung nabi kana uluk salamna.
ثمّ قال: مرحباً بالنبي الصالح والابن الصالح ثم دعا له بخير
Lajeung itu pameugeut nyarios : wilujeung sumping Nabi Anu sholih sareung putra anu sholih teuras ngadoakeun itu pameugeut ka kangjeung Nabi Saw. Kalawan kasaean.
قال لجبريل: من هذا ؟ قال: هذاالرّجل المحبّب فى قومه هرون بن عمران عليه السلام
Mangka tumaros kangjeung nabisaw. ka malaikat jibril : saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : ari ieu teh eta hiji pameugeut anu dipikaresep ku koumna tegesna Nabi Harun putra pameugeutna I`mron as.
ثم صعد إلى السماء السادسة قيل أنّها من جوهرة تتلألأ نورا واسمها الخالصة
Tuluy unggah malaikat Jibril as. Sareung Nabi Muhammad Saw. Kana langit anu ka-6 di omongkeun saestuna langit ka 6 eta diwangun tina mutiara anu gilang-gumilang cahayana, ngaranna Khoolishoh
فقرع الباب السماء السادسة فقيل : من ذا ؟ فقال أنا جبريل فقيل : من معك قال: محمد أوقد أرسل إليه فقال: نعم ففتح ذلك الباب فدخلوا فيه
Maka ngetrokkan malaikat jibril kana panto langit ka 6 , teras di taros saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : “ari kaula eta jibril “. mangka ditaros deui , saha anu ngareujeungan anjeun ? mangka ngawaleur jibril :” nyaeta Muhammad “, naha temen-temen diutus Muhammad kana lawang langit ka hiji ? mangka ngawaleur jibril: “ sumuhun” , mangka dibuka eta lawang teuras leubeut sadayana kajero eta lawang
و حين هو يدخل فيها إذ رآى ملائكة يكبّرون دائما
Dina waktu kangjeung Nabi Saw. Leubeut ka jerona, ujug-ujug ninggal kangjeung Nabi Saw. ka malaikat halna takbir dina salawasna
وبينما هو صلى الله عليه وسلم يسير فيها إذ إلتقى برجل وهو شائب الشعره
Jeung diantara pirang-pirang waktu ari kangjeung nabi Saw. Eta keur leumpang dijero eta langit ujug-ujug pateupang kangjeung nabi saw. ka hiji pameugeut anu huwisan rambutna.
فسلّم عليه فردّ عليه السلام
Mangka uluk salam kangjeung nabi ka itu pameugeut, teuras ngawaleur itu pameugeut ka kangjeung nabi kana uluk salamna.
ثمّ قال: مرحباً بالنبي الصالح والابن الصالح ثم دعا له بخير
Lajeung itu pameugeut nyarios : wilujeung sumping Nabi Anu sholih sareung putra anu sholih teuras ngadoakeun itu pameugeut ka kangjeung Nabi Saw. Kalawan kasaean.
قال لجبريل: من هذا ؟ قال: هذا أبوك إبراهيم عليه السلام أوّل من شمط على الأرض
Mangka tumaros kangjeung nabisaw. ka malaikat jibril : saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : ari ieu teh eta bapa anjeun nyaeta Nabi Ibrohim as. Anu pangpayuna jalmi anu huwisan diluhur bumi.
( مأخذ المـركّب ) :
Hiji Tempat panyokotan anu syusun ( muallif ) :
وقيل أنّ إبراهيم في السادسة وموسى في السابعة
Diomongkeun kana saestuna Nabi Ibrahim as. eta dilapisan langit ka 6 jeung ari Nabi Musa as. Eta dilapisan langit ka 7
كما قال أنس بن مالك رضي الله عنه : وإبراهيم في السادسة وموسى في السابعة بتفضيل كلام الله تعالى, فقال موسى: رب لم أظن أن يرفع علي أحدٌ
Sakumaha pidawuh Imam Anas bin Malik ra. :” Ari Nabi Ibrahim as. eta dilapisan langit ka 6 jeung ari Nabi Musa as. Eta dilapisan langit ka 7 berkah kautamian anu dipimilik-Na , nyaeta kantos diajak nyarios langsung ku Alloh Swt.
Maka ngadawuh Nabi Musa as. :”Hei Gusti Pangeran abdi , hanteu nyangka abdi yen bakal ngangkat Gusti kahiji jalmi anu langkung luhur tinimbang abdi “.
ثم صعد إلى السماء السابعة قيل أنّها من ياقوتة حمراء واسمها اللأبية أو الدامعة
Tuluy unggah malaikat Jibril as. Sareung Nabi Muhammad Saw. Kana langit anu ka-7 di omongkeun saestuna langit ka 7 eta diwangun tina yaqut beureum ( batu merah delima ) ngaranna La,biyyah atanapi Daami`ah
وفيها البيت المعمور له أربعة أركان : ركن من ياقوتة حمراء وركن من زبرجدة خضراء وركن من فضة بيضاء وركن من ذهب أحمر
jeung dijero langit ka-7 ieu aya baetul ma`mur anu ngagaduhan 4 tihang, satihang tina yaqut beureum, satihang tina jabarjud, satihang tina perak bodas sareung satihang deui tina emas beureum,
قيل أنّ البيت المعمور من العقيق يدخله كل يوم سبعون ألفا من الملائكة لايعودون إليه إلى يوم القيامة
Jeung ceuk hiji qoul mah saestuna baetul ma`mur eta diwangun tina batu akiq sareung saban dinteunna 70 malaikat leubeut kajerona, jeung teu balik deui dugika poe kiamah.
فقرع الباب السماء السابعة فقيل : من ذا ؟ فقال أنا جبريل فقيل : من معك قال: محمد أوقد أرسل إليه فقال: نعم ففتح ذلك الباب فدخلوا فيه
Maka ngetrokkan malaikat jibril kana panto langit ka 7 , teras di taros saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : “ari kaula eta jibril “. mangka ditaros deui , saha anu ngareujeungan anjeun ? mangka ngawaleur jibril :” nyaeta Muhammad “, naha temen-temen diutus Muhammad kana lawang langit ka hiji ? mangka ngawaleur jibril: “ sumuhun” , mangka dibuka eta lawang teuras leubeut sadayana kajero eta lawang
و حين هو يدخل فيها إذ رآى ملائكة يقولون ياسلام ياسلام دائما من يوم خلقهم الله تعالى
Dina waktu kangjeung Nabi Saw. Leubeut ka jerona, ujug-ujug ninggal kangjeung Nabi Saw. ka malaikat halna maca kana Ya Salaam Ya Salaam dina salawasna dina mimiti poean ngadameul Alloh ka malaikat
فترجى رسول الله صلى الله عليه وسلم بقلبه أن يكون كلّ عبادة ملائكة السماوات السبع له صلى الله عليه ولأمته
Mangka ngareup-ngareup Rosululloh Saw. Kalawan manahna kana yen aya saban-saban ibadah malaikat pirang-pirang langit anu tujuh eta tetep ka rosululloh Saw. Sareung umat-Na.
وبينما هو صلى الله عليه وسلم يسير فيها إذ إلتقى برجل طوال جعد كأنّه من رجال شنوءة
Jeung diantara pirang-pirang waktu ari kangjeung nabi Saw. Eta keur leumpang dijero eta langit ujug-ujug pateupang kangjeung nabi saw. ka hiji pameugeut anu jangkung barina kriting rambutna salah-olah eta pameugeut ti pirang-pirang pameugeut kalangan Adz Syanu`ah
فسلّم عليه فردّ عليه السلام
Mangka uluk salam kangjeung nabi ka itu pameugeut, teuras ngawaleur itu pameugeut ka kangjeung nabi kana uluk salamna.
ثمّ قال: مرحباً بالنبي الصالح والابن الصالح ثم دعا له بخير
Lajeung itu pameugeut nyarios : wilujeung sumping Nabi Anu sholih sareung putra anu sholih teuras ngadoakeun itu pameugeut ka kangjeung Nabi Saw. Kalawan kasaean.
قال لجبريل: من هذا ؟ قال: هذا موسى بن عمران عليه السلام
Mangka tumaros kangjeung nabi saw. ka malaikat jibril : saha ari ieu ? mangka ngawaleur jibril : ari ieu teh eta Nabi Musa putra pameugeutna Imron as.
ثم صعد إلى أنانس السماء وهو التحديد بين السماوات السبع وسدرة المنتهى وإنّها لمكان رسول الله صلعم إذا مات صلعم كما قال الولى الله تعالى القطب الحبيب عبدالله بن عبد القادر بافقيه رضى الله عنه : أنّ محمّد وعلىّ وفاتمة ينظرون إليكم من أنانس السماء
Tuluy unggah malaikat Jibril as. Sareung Nabi Muhammad Saw. Ka sapatala langit nyatana hiji perbatasan antara langit ka 7 sareung sidrotil mungtaha
Jeung saestuna sapatala langit eta pikeun tempatna kangjeung nabi Saw. Dimana tilar dunya kangjeung nabi Saw.
Sakumaha pidawuh Wali Qutub Habib A`bdullah bin A`bdul Qodil Bal faqih ra. :
kana saestuna Nabi Muhammad saw. , Sayyidina Ali Kwh sareung sitti Fatimah eta ninggal Kangjeung Nabi Saw, Sayyidina A`li Kwh sareng Sitti Fatimah ka araranjeun ti Sapatala langit “.
ثم صعد إلى سدرة المنتهى
bersambung......
SILSILAH LELUHUR KANG RD. H.SUFYAN
1. Nabi Adam As.
2. Nabi Syis As.
3. Anwar ( Nur cahya )
4. Sangyang Nurasa
5. Sangyang Wenang
6. Sangyang Tunggal
7. Sangyang Manikmaya
8. Brahma
9. Bramasada
10. Bramasatapa
11. Parikenan
12. Manumayasa
13. Sekutrem
14. Sakri
15. Palasara
16. Abiyasa
17. Pandu Dewanata
18. Arjuna
19. Abimanyu
20. Parikesit
21. Yudayana
22. Yudayaka
23. Jaya Amijaya
24. Kendrayana
25. Sumawicitra
26. Citrasoma
27. Pancadriya
28. Prabu Suwela
29. Sri Mahapunggung
30. Resi Kandihawan
31. Resi Gentayu
32. Lembu Amiluhur
33. Panji Asmarabangun
34. Rawisrengga
35. Prabu Lelea ( maha raja adi mulya )
36. Prabu Ciung Wanara
37. Sri Ratu Dewi Purbasari
38. Prabu Lingga Hyang
39. Prabu Lingga Wesi
40. Prabu Susuk Tunggal
41. Prabu Banyak Larang
42. Prabu Banyak Wangi / Munding sari I
43. Prabu Mundingkawati / Prabu Lingga Buana
/ Munding wangi (Raja yang tewas di Bubat)
44. Prabu Wastu Kencana / Prabu Niskala wastu kancana
/ Prabu Siliwangi I
45. Prabu Anggalarang / Prabu Dewata Niskala /
Jaka Suruh ( Raja Galuh / Kawali )
46. Prabu Siliwangi II / Raden Pamanah rasa / Sri Baduga Maha Raja nikah ka Nyimas Padmawati
47. Munding sari ageung / Rd.Munding Surya Ageung
48. Munding sari leutik / Rd.Munding Surya Alit
49. Prabu Siliwangi V / Prabu Pucuk Umum ( Rd. Ragamantri )
50. Sunan Parung Gangsa
51. Sunan Wanaperih ( Rd.Arya Kikis )
52. Sunan Ciburang ( Rd.Arya Saringsingan )
53. Sunan Sagala herang ( Rd. Dalem Arya Wangsa Goparna )
54. Eyang Dalem Cikundul ( Pangeran Ngabehi Jayasasana )
55. Eyang Dalem Tarikolot ( Rd.Arya Wiramanggala )
56. Eyang Dalem Cicondre ( Rd.Arya Astramanggala )
57. Eyang Dalem Pasarean Agung ( Rd.Sabiruddin )
58. Eyang Dalem Tanjung Nagara ( Rd.Arya Mangkupraja )
59. Eyang Dalem Sepuh Kaum ( Rd.Dipati Prawiradireja )
60. Eyang Dalem Natareja ( Ama Garut )
61. Eyang Dalem Sanuki ( Ama Samarang )
62. Eyang Cibisoro ( K.H.DIDI )
63. H.HASANUDDIN berputra :
1. H.Misbah Hidayat
2. H.Muhammad Sufyan
3. H.Ade Mulyana
4. Sitti Romlah
5. Rohmat Muhyiddin
6. Sitti Nurjanah
7. Sitti Fatimah
8. Musthofa Hasan
9. Iis Jubaidah
10. Maulana Hasan
11. Tatan Saifulloh
12. Al-Marhum Herman Syahid
Webs my friend
Total Tayangan Halaman
Entri Populer
-
قال رسول الله صلى الله عليه وسلم مَنْ وَرَّخَ مُسْلِمًا فَكَأَ نَّمَا اَحْيَاهُ وَمَنْ زَارَ عَالِمًا فَكَأَ نَّمَا زَارَنِى وَمَنْ زَار...
-
Bismillahir Rahmanir Rahiim Allahumma sholli a`la sayyidina muhammadin wa a`la aali sayyidina muhammadin wa a`la ahli bait Silsilah R...
-
قال رسول الله صلى الله عليه وسلم مَنْ وَرَّخَ مُسْلِمًا فَكَأَ نَّمَا اَحْيَاهُ وَمَنْ زَارَ عَالِمًا فَكَأَ نَّمَا زَارَنِى وَمَنْ زَارَن...
-
Wali Athfal Al-Ustadz, AI-‘Aalim, AI-Adiib, Azzaahid, AI-Mutawadli’, Al-Haliim, AI-Mujahid fi Sabilillah. KH.R. Ahmad Zakariya bin K...
-
واما سند شجرة مشايخ الطبقات اعنى الشطارية قدس الله اسرارهم وهو اخذ الفقير الحقير الحاجّ محمّد أبى سفيان بن حسن الدّين السونداوى البندونى ال...
-
NASAB BELIAU : Nasab beliau asli dari keturunan Kerajaan Pajajaran Jawa barat yakni : SILSILAH LELUHUR KANG RD. H.SUFYAN 1...
-
الصلاة آخر الزمان الَّلهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدِ اْلاَطهَارِ وَبَلِّغْ مَوْلَانَااْلإِمَامَ الْهَادِي الْمَهْدِيَّ ...
-
بسم الله الرحمن الرحيم الحمد لله رب العاليمن ، والصلاة والسلام على أشرف الأنبياء والمرسلين سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين اْلأُضْحِيَّ...
-
اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَانِ الرَّحِيْمِ (( أَمَّا التَّفْصِيْلُ )) فَأَمَّا التِّجَانِيَّةُ ...
-
IJAB QURBAN 1 SAPI KU 7 URANG : بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَانِ الرَّحِيْمِ JANG HAJJI ABDI BADE NGALAKSANAKEUN TUGAS ALLOH SAREUNG ROSU...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar