TAJHIZUL MAYIT

TAJHIZUL MAYIT

Tajhizul mayit hartosna miara atanapi ngurus hiji jalma anu geus maot. Hukum tajhiz nyaeta fardhu kifayah pikeun saban jalma mukallaf anu uninga atanapi nyangka kana maotna hiji jalma.

STATUS MAYIT ANU BAKAL DIURUS DIRINCI SAKUMAHA IEU BABARAN :

1. Muslim Ghoiru Syahid Wa Ghoiru Siqti

Nyaeta mayit muslim dewasa sarta lain maot syahid
Kawajiban anu kudu dipigawe ka ieu mayit nyaeta :
1. Ngadusan
2. Ngafanan ( Mungkusan )
3. Nyolatan
4. Nguburkeun

2.Mayit Muslim Al Syahid (Syahid Dunya jeung Akhirat)

Nyaeta mayit muslim anu maot dina waktu perang reujeung lian muslim ( jalma kafir )
perkara-perkara  anu kudu dipigawe kaum muslimin ka ieu mayit nyaeta :

1. Ngafanan kalawan pakean perangna. Lamun hanteu cukup mangka ditambah kalawan kain kafan sejen nepika bisa nutupan sakabeh badanna
2. Nguburkeun
pikeun mayit syahid dunia akhirat ieu haram di sholatan jeung dimandian soksanajan eta mayit boga hadast geude.

3. Mayit Al-Muslim As-Siqtu ( Orok Prematur )
nyaeta orok atawa janin anu lahir samemeh nepi umur 6 bulan.

Dina pirang-pirang kitab salafi menangani ieu orok dirinci sakumaha ieu babaran:

Lahir dina kaayaan hirup, anu bisa dipikanyaho kalayan jeritan, gerakan atawa anu séjénna.
Kawajiban ka ieu orok téh nyaeta sami sapertos mayit muslim dewasa nyaéta: ngamandian, ngafanan, nyolatan, jeung nguburkeun.

Lahir dina wangun orok anu sampurna, ( geus umurna 4 bulan), namung henteu dipikanyaho tanda-tanda kahirupan.

Kawajiban ka ieu orok téh nyaeta: ngamandian, ngafanan, jeung nguburkeun. Anapon hukum nyolatan eta orok hanteu dimeunangkeun.

Belum berbentuk manusia (belum berusia 4 bulan). Bayi yang demikian, tidak ada kewajiban apapun, namun disunahkan membungkusnya dengan kain dan memakamkannya[1].
Tacan ngawangun manusa ( umurna tacan 4 bulan). Orok anu samodel kitu, euweuh kawajiban naon-naon, tapi disunnahkeun mungkusna kalawan boeh jeung dikuburkeun[1].

Katerangan
Orok anu lahir nepi umur 6 bulan, mangka numutkeun pamadegan anu kuat, kudu ditahjiz kawas jalma dewasa sok sanajan hanteu aya ciri-ciri kahirupan.[2]

4.Kafir Dzimmi[3]
nyaeta kafir anu hanteu musuhan urang  islam.
Kawajiban anu kudu dipigawe mung aya 2 rupi nyaeta :
1.Ngafanan
2.Ngadusan
Hukum ngadusanna kafir dzimmi eta meunang (jawaz), namung haram pikeun disholatan.


_______________________________________
[1] At-tarmasy juz III kaca 453-461
[2] Hasyiyatul jamal juz 2 kaca 191 / I’anatut tholibin juz 2 kaca 123
[3] At-tarmasi juz 3 kaca 453-461

NGADUSAN MAYIT

Wateus saeutikna ngadusan mayit nyaeta:
1. ngaleungitkeun najis anu aya dina awak mayyit
2. nyiramkeun cai barina rata ka sakabeh awak mayit ka asup ogé farjina tsayyib (rarangan wanoja /awewe anu geus henteu perawan) anu katembong nalika diuk atawa bagean dijero kukuncup rarangan lalaki anu teu acan dikhitan (kulup)[1]

Katerangan:
Khusus ngeunaan budak lalaki anu teu acan dikhitan ( lakop kulit ) lamun cai henteu bisa nepi ka kahandapna mangka hukumna dirinci kieu:
a.Lamun di handapeun lakop kulitna suci, mangka salaku gaganti ngawasuh nyaéta di tayammuman
b.Lamun dihandap lakop kulitna najis anu henteu bisa dilengitkeun kajaba dikeureut. Mangka haram ngeureutna.
Ngeunaan penanganan lalaki ieu lumangsung béda pamadegan dikalangan ulama’ :

Nurutkeun imam romli: cukup dikafanan jeung  dikubur kalawan teu disholatan
Nurutkeun imam ibnu hajar: ditayammuman saterusna disholatan jeung dikubur. Pamadegan ibnu hajar ieu meunang pangrojong ti syeikh al fadani, sabab ngaruang mayit kalawan hanteu disholatan nyirikeun kurang ayana panghurmatan.[2]

Sedengkeun cara nayammuman mayit anu praktis kieu:
dua leungeun jalma anu tayammum ditendeun dina kekebul
Leungeun katuhuna diusapkeun kana raray mayit,
barina niat : نويت التيمم عن تحت القلفة هذاالميت لله
Leungeun kénca diusapkeun kana leungeun katuhu mayit
Leungeun katuhu diteundeun dina kekebul deui pikeun diusapkeun kana leungeun kénca mayit.

Cara ngadusan  anu langkung sampurna, kieu:
tempat ngadusanna eta sepi, katutup jeung teu aya jalma anu asup kajaba jalma anu ngabogaan tugas.
Diauran seuseungitan, samisal kalawan ngabeuleum dupa / meunyan , anu dipaké pikeun nyeugah bau anu kaluar ti awak mayit, salian eta ogé sabab aya ulama anu boga pamadegan supaya malaikat turun maparin rohmatna (mahfudz at-tarmasi juz 3 hal. 399-402)
Mayit digolerkeun jeung diteundeun di tempat anu rada luhur, saperti di luhur dipan atawa dipangku ku tilu atawa opat urang. Hal ieu dipigawé pikeun nyegah mayit sangkan henteu kakeunaan ceceret cai
Mayit diadusan dina kaayaan ditutup sakabéh anggahota awakna, lamun henteu ngamumkinkeun atawa ngalaman kaangelan (kasulitan ), mangka cukup oratna waé anu ditutup nyaéta antara bujal nepi ka tuur .
Jalma anu ngadusan wajib maké alas leungeun nalika nyabak oratna (antara bujal nepi ka tuur). Jeung sunah make alas leungeun nalika nyabak bagean awak salian ti orat
Beuteung mayit diurut kalawan leungeun kénca halna lalaunan ku jalma anu ngamandian halna bulak-balik  supaya kokotor anu aya dijero beuteung mayit bisa kaluar.
Ngabersihkeun dua liang rarangan kalawan make leungeun kénca anu wajib dibungkus kalawan lawon ( saputangan karet ).

Ngabersihkeun huntu mayit jeung dua liang irungna kalawan ramo curuk leungeun kénca anu make alas lawon baseuh ( sarung tangan karet ) jeung lamun kakeunaan kokotor mangka kudu disucikeun leuwih tiheula.
Ngawudhuan mayyit persis saperti wudluna jalma anu hirup, boh rukunna boh sunnahna, niatna ngawudluan mayyit nyaéta: نويت الوضوء لهذا الميت “kuring niat ngawudluan pikeun ieu mayit”
Nyimbeuh mayyit ngawitan mastaka nepi ka dampal suku kalawan cai sabun, sampo atawa daun bidara ku cara:

@Nyiramkeun cai kana mastaka mayyit
@ Nyiramkeun palebah katuhu bagian hareup anggota awak mayit dimimitian tina beuheung mayit nepi ka dampal suku mayit
@ Nyiramkeun palebah katuhu bagian tukang anggota awak mayit kalawan rada ngadoyongkeun posisina, mimiti beuheung nepi ka suku. Saterusna palebah kénca ogé dimimitian ti bagian beuheung nepi kana dampal suku.
Katerangan:
@pikeun wasuhan nomer 8 ieu, teu acan dietang wasuhan anu wajib dina ngadusan mayit, sabab cai anu dipaké lain cai anu thohir muthohir.

Nyiram sakabeh awak mayit timimiti sirah nepi ka suku kalawan cai anu murni ( henteu dicampur kalawan sabun atawa daun widara) pikeun membilas sésa-sésa daun bidara, sabun atawa hiji perkara anu aya dina awak mayit, kalawan posisi mayit didoyongkeun.
Katerangan:
wasuhan ieu ogé henteu bisa dihukuman wasuhan anu wajib sabab cai anu disebut (keudah cai murni) namung ahirna bakal barobah (thahir goiru muthohir) sabab kakeunaan urut sabun, sampo, daun bidara anu aya dina awak mayit

Nyiram sakabeh awak mayit anu katilu kalina kalawan maké cai anu dicampur saeutik kamper, anu henteu nepi ngarobah kamutlakan cai atawa bisa ku cara disiram kalawan cai bersih murni ( kalaman teu make kamper ) nepi ka rata kasakabeh awak mayit, tuluy awak mayit diceceret ku cai kamper.
Katerangan:
Wasuhan ieu mangrupikeun wasuhan anu wajib dina ngadusan mayit. dina waktu wasuhan pamungkas ieu disunahkeun pikeun maca niat:

نويت الغسل لاستباحة الصلاة عليه \ نويت الغسل عن هذه الميت

" niat abdi ngadusan ieu mayit niat abdi ngadusan pikeun ngameunangkeun nyolatanna"

nyisir buuk jeung jenggot mayit anu kandel kalawan lalaunan (lamun buukna awut-awutan) maké sisir anu logor supaya hanteu aya buuk anu murudul. Lamun aya buuk anu murudul mangka kudu dicokot  jeung dibalikeun deui, namung kasunnahanna dibungkus kalawan kaen boeh saterusna dikabumikeun babarengan mayit.

Hal ieu lamun mughtasil ( jalma anu ngadusan ) ngersakeun ngawasuh saseueur tilu kali, lamun ngersakeun anu langkung sampurna deui mangka mayit bisa diadusan kalawan 5 atanapi 7 wasuhan.
@pikeun 5 kali wasuhan mangka kalawan runtuyan kieu:
1.Cai sabun/daun widara
2.Cai pembilas (muzilah)
3. Wasuhan ka 3,4 jeung 5 maké cai bersih anu di campur saeutik kamper atawa sajenisna

@ pikeun 7 kali wasuhan mangka kalawan runtuyan kieu:
1. Cai sabun/daun widara
2. Cai pembilas (muzilah)
3. Cai sabun/daun widara
4. Cai pembilas (muzilah)
5. Wasuhan ka 5,6 jeung 7 cai bersih anu di campur saeutik kamper atawa sajenisna

Tambahan:

Pangsampurnana ngadusan mayit nyaéta 9 wasuhan, béda jeung pamadegan syekh al-muksyi anu ngadawuh yén 7 wasuhan nyaéta wates maksimal kasampurnaan ngadusan mayit, leuwih ti éta hukumna makruh sabab kaasup Isrof( leuleuwiheun )

Haram nangkubkeun mayit dina waktu ngadusan sabab hal eta nyirikeun panghinaan ka mayit.

SYARAT JALMA ANU NGADUSAN

Kudu sajenis atawa aya hubungan mahrom atawa aya ikeutan salaki pamajikan, atawa mayit nyaéta hiji budak leutik anu teu acan ngabalukarkeun potensi syahwat. Lamun henteu di panggihan, mangka mayit cukup ditayammuman kalayan ditutupan sakabéh anggahota awakna salian anggahota tayammum. Jeung jalma anu nayammuman kudu make alas leungeun ( Ibrahim al-bajuri juz 1 kaca. 246 )

Ngabogaan kaahlian dina ngadusan mayit

Jalma anu ngadusan jeung  jalma anu mantuanna kudu ngabogaan sipat amanat (bisa di percaya), dina hartian: saumpamana anjeunna ngabejakeun hiji kaayaan ngagumbirakeun anu tembong  ti mayit, mangka wartana bisa dipercaya bebeneuranna. Sabalikna, lamun nempo pirang-pirang perkaa anu henteu ngagumbirakeun, mangka anjeunna sanggup pikeun ngarusiahkeunna (Ibrahim al-bajuri juz 1 hal. 246)

PEPELING :

Haram nempo oratna mayit, kajaba pikeun kasampurnaan ngadusan, saperti pikeun mastikeun yén cai anu dipaké geus walatra atawa pikeun ngaleungitkeun kokotor anu bisa nyegah nepina cai kana kulit mayit

Disunahkan ogé maké cai tiis, sabab leuwih nguatkeun daya tahan awak mayit. Kajaba dina waktu cuaca tiis mangka disunahkeun maké cai haneut

________________________________________
[1] At-turmusi juz 3 kaca 399-402
[2] Nihayah zain kaca 151 / kasifatus saja kaca 101

TATA CARA NGUBURKEUN

Ngubur mayit ( layon ) di pakuburan leuwih utama tibatan di tempat husus. Dina mawa mayit ( layon )  ka pakuburan disunnahkeun neundeun posisi sirah di jihat hareup sok sanajan lain jihat kiblat.[1]

Sedengkeun liang kubur, saeutikna kudu minuhan sawatara pasaratan diantarana:

1. Bisa nutupan tina bau burukna mayit jeung bisa nangtayungan mayit ti sato galak ( henteu bisa digali jeung didahar ku sato galak )

2. Mangrupa galian, teu cukup lamun mangrupa wangunan di luhur taneuh sok sanajan bisa nangtayungan tina sato galak.

Sedengkeun anu pangutamana nyaéta nyieun galian anu lega jeung jero saluhur jalma normal nangtung kalawan ngangkat leungeunna ka luhur atawa kira-kira 4 ½ dzira’ atawa 2,25 M Galian ieu bisa ngawangun dua rupi nyaéta:
1. Lahd, nyaéta ngabolongan bagean handap ti liang kubur dina sisi jihat kiblat sanggeus ngagali sajero 2,25 M. Ieu leuwih utama (afdol) di wewengkon kalawan struktur taneuh anu teuas.

2. Syaq, nyaéta nyieun galian di tengah-tengah liang kubur saperti galian walungan. Ieu leuwih utama(afdol) di wewengkon kalawan struktur taneuh anu bear jeung hipu ( henteu teuas ).

Tata cara panguburan mayit anu pangsampurnana jeung saluyu kalawan kasunahan nyaéta kieu:
Neundeun mayit ( layon ) saméméh diasupkeun kana liang kubur dina posisi suku kubur (palebah kidul liang lahat).
ngangkat mayit ( layon ), tuluy diturunkeun ka liang kubur kalawan posisi suku leuwih tiheula.
Dikubur kalawan hanteu maké alas, bantal atawa peti. Hukum make ieu kabéh makruh kajaba dina kaayaan darurat saperti nalika lahatna caian.

Jalma anu asup ka jero liang lahat disunnahkeun ganjil, afdolnya tilu urang.
Nutupan liang kubur kalawan kaen / lawon nalika prosesi pamakaman supaya henteu katempo orat mayit lamun kabuka.
Mayit diteundeun ngagolér doyong jeung sisi awak bagean katuhu (lempeung katuhu) adek dina taneuh, makruh lamun make sisi awak bagean kénca. anapon mdeupkeun  ka kiblat hukumna wajib.
Sunnah pikeun anu nguburkeun ngucapkeun:
“بسم الله وَعَلَى مِلَّةِ رَسُولِ اللهِ صلى الله عليه وآله وسلم “

Ngaleupaskeun  ikeutan kafan mayit dina sirah mayit jeung raray kafan anu nutupan damis mayit tuluy menempelkeunna eta damis mayit kana taneuh.
Neundeun bantalan tina taneuh ( biasana ngawangun buleud ) dina bagian tukang awak mayit saperti tukang sirah jeung tonggong, saterusna menekuk saeutik bagian awak mayit ka jihat hareup supaya henteu gampang pikeun tibalik atawa jadi nangkarak.
Adzan jeung iqomah kalawan lirih, tuluy nutupan liang kalawan papan saméméh ditutup ku taneuh kalawan naékkeun saeutik urukan taneuh saluhur jengkal.
Sanggeus prosés panguburan réngsé, cicing sakeudeung pikeun dibacakeun talqin sarta nglobakeun istighfar pikeun mayit.

PANYOKOTAN KATERANGAN TINA KITAB :
.[1] حواشي الشرواني – (ج 3 / ص 130)
قوله: (إلى تنكيس رأس الميت) يؤخذ منه أن السنة في وضع رأس الميت في حال السير أن يكون إلى جهة الطريق سواء القبلة وغيرها كما قاله السيد عمر بصري
التقريرات السديدة ص387
رابعا :دفن الميت
أحكام الدفن ثلاثة :
1. واجب للمسلم والكافر الذمي غير السِّقط الذي لم يظهر فيه مبدأ خلق آدمي .
2. مندوب : للسّقط الذي لم يظهر فيه مبدأ خلق آدمي .
3. مباح : للكافر الحربي، إلا إذا تأذّى الناس برائحته، فيجب .
أقل الدفن ( الواجب ) : حفرة تكتم رائحته وتحرسه من السباع حتى لا تنبشه وتأكله، ولا يكفي البنأ مع إمكان الحفر .
كيفيات الدفن : له كيفيتان، لحد وشَقّ :
اللحد : هو أن يحفر ما يسع الميت في أسفل جانب القبر من جهة القبلة بعد أن يحفر – بعمق – قدر قامة وبسْطة : ” أربعة أذرع ونصف “، وهي أفضل من الشق إن صلبت الأرض كالمدينة المنورة.
الشق : هو أن يحفر في وسط القبر كالنهر، ويكون أفضل إذا كانت الأرض رَُخْوة كمكة المكرمة


TALQIN MAYIT

Geus umum di masyarakat urang, réngsé mayit ( layon )  dimakamkeun salah saurang ti pihak kulawarga mayit diuk digigireun / sabeulah makam tuluy ngamimitian ngalafadzkeun bacaan talqin[i] pikeun mayit. Namung kiwari ieu, aya hiji jumplukan anu mengklaim dirina paling nuturkeun al-qur’an jeung sunnah kalawan pamahaman para shohabat jeung tabi’in nyatakeun yén talqin mayit nyaéta bid’ah sabab henteu ngabogaan landasan dina syari’at sarta henteu méré mangpaat pikeun si mayit. Masalah sarupaning ieu geus jadi polemik dina masyarakat, naha bener talqin mayit henteu ngabogaan landasan syari’at padahal geus dipigawé ku para ulama pendahulu urang ?.

Ku sabab éta, kami baris ngabahas ngeunaan dalil-dalil anu jadi landasan talqin mayit supaya bisa méré kaecesan di masyarakat.
Dasar hukum talqin mayit
Salah sahiji dasar hukum ngeunaan talqin nyaéta hadits anu diriwayatkeun ku Imam Muslim, imam Abi Dawud, jeung imam An Nasai:
لقنوا موتاكم لا إله إلا الله
“kudu Nalqinan aranjeun ka jalma-jalma anu maraot diantara aranjeun kalawan لا إله إلا الله “
Memang mayoritas ulama sasanggeum yén anu dimaksud lafadz موتاكم  dina hadits diluhur jalma-jalma anu ampir maot lain jalma-jalma anu geus maot, ku kituna hadits anu disebat make harti majas (harti kiasan) lain harti aslina ( lain harti sabenerna ).

Tatapina, henteu salah ogé lamun urang hartikeun lafadz anu kasebat kalawan harti aslina nyaéta jalma anu geus maot. sabab nurutkeun kaedah basa arab, pikeun mengarahkeun hiji lafadz kana harti majasna diperlukeun ayana qorinah (indikasi) boh mangrupa kecap atawa kaayaan anu nuduhkeun yén anu dimaksud kalawan ucapan anu kasebat nyaéta harti majasnya lain harti aslina. Salaku contona lamun urang ngucap “kudu nalqininan mayit aranjeun saméméh maotna” mangka kecap-kecap “saméméh maotna” mangrupa qorinah anu ngaindikasikeun yén anu dimaksud kalawan kecap mayit dina kalimah ieu lain harti aslina ( nyaéta jalma anu geus maot  ) tapi harti majasna ( jalma anu ampir maot ).

Sedengkeun dina hadits anu kasebat henteu dipendakkan Qorinah pikeun ngarahkeun lafadz موتاكم kana harti majasna, mangka sah waé lamun urang ngartikeunna kalawan harti aslina nyaéta jalma-jalma anu geus maot lain harti majasna. Pamadegan ieu pisan anu dipilih ku sapalih ulama sapertos Imam Ath Thobary, Ibnul Humam, Asy Syaukany, sareung ulama sanesna.
Salian hadits di luhur, masih aya hadits séjén anu nuduhkeun kasunnahan nalqinan mayit sanggeus dikuburkeun, nyaéta:

إِذَا مَاتَ أَحَدٌ مِنْ إِخْوَانِكُمْ، فَسَوَّيْتُمِ التُّرَابَ عَلَى قَبْرِهِ، فَلْيَقُمْ أَحَدُكُمْ عَلَى رَأْسِ قَبْرِهِ، ثُمَّ لِيَقُلْ: يَا فُلانَ بن فُلانَةَ، فَإِنَّهُ يَسْمَعُهُ وَلا يُجِيبُ، ثُمَّ يَقُولُ: يَا فُلانَ بن فُلانَةَ، فَإِنَّهُ يَسْتَوِي قَاعِدًا، ثُمَّ يَقُولُ: يَا فُلانَ بن فُلانَةَ، فَإِنَّهُ يَقُولُ: أَرْشِدْنَا رَحِمَكَ اللَّهُ، وَلَكِنْ لا تَشْعُرُونَ، فَلْيَقُلْ: اذْكُرْ مَا خَرَجْتَ عَلَيْهِ مِنَ الدُّنْيَا شَهَادَةَ أَنْ لا إِلَهَ إِلا اللَّهُ، وَأَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ، وَأَنَّكَ رَضِيتَ بِاللَّهِ رَبًّا، وَبِالإِسْلامِ دِينًا، وَبِمُحَمَّدٍ نَبِيًّا، وَبِالْقُرْآنِ إِمَامًا، فَإِنَّ مُنْكَرًا وَنَكِيرًا يَأْخُذُ وَاحِدٌ مِنْهُمْا بِيَدِ صَاحِبِهِ، وَيَقُولُ: انْطَلِقْ بنا مَا نَقْعُدُ عِنْدَ مَنْ قَدْ لُقِّنَ حُجَّتَهُ، فَيَكُونُ اللَّهُ حَجِيجَهُ دُونَهُمَا”، فَقَالَ رَجُلٌ: يَا رَسُولَ اللَّهِ، فَإِنْ لَمْ يَعْرِفْ أُمَّهُ؟ قَالَ:”فَيَنْسُبُهُ إِلَى حَوَّاءَ، يَا فُلانَ بن حَوَّاءَ. رواه الطبراني


“Lamun salah sahiji diantara aranjeun maot, mangka kudu ngaratakeun anjeun kana taneuh diluhur kuburna (kudu ngubur anjeun). sakeudahna salah sahiji ti aranjeun nangtung di sisi kuburna jeung sakeudahna nyarios : “hei fulan (sebatkeun ngaran jalma anu maot ) anak fulanah (sebatkeun ibu jalma anu maot)” sabab anjeunna bisa ngarunguna tapi henteu bisa némbalanana. Saterusna ngomong deui: “hei fulan (sebatkeun ngaran jalma anu maot ) anak fulanah (sebatkeun ibu jalma anu maot)” sabab anjeunna bakal diuk. Saterusna ngomong deui: “hei fulan (sebatkeun ngaran jalma anu maot ) anak fulanah (sebatkeun ibu jalma anu maot)” sabab manéhna bakal ngomong: “mugi maparin pituduh ka abdi sadaya –mugia Alloh ngarohmat anjeun-“ jeung aanjeun moal ngarasakeunana. Saterusna sakeudahna nyarios : “ keudah nyebat hiji perkara anu anjeun candak kaluar ti dunya, nyaéta panyaksian yén teu aya Pangéran kajaba Alloh SWT, Nabi Muhammad hamba jeung utusan Na, jeung saéstuna anjeun ridho Alloh jadi Pangéran anjeun, Muhammad jadi Nabi anjeun, Al Quran jadi imam anjeun”, sabab Mungkar jeung Nakir silih paceukeul leungeun jeung ngucap: “hayu urang indit. Urang moal diuk (nanyakeun) di sisi jalma anu geus ditalqinan (ditungtun) hujjahna ( jawabanna ), mangka Alloh jadi hajiij (anu ngéléhkeun kalayan némbongkeun hujjah) pikeun eta abdi, sanes Mungkar jeung Nakir”. Saterusna saurang shohabat lalaki tumaros : Hei Utusan Alloh ! Lamun anjeunna henteu uninga ibu si mayit ?Mangka Rasulullah ngadawuh: nisbatkeun ka Hawa, hei fulan bin Hawa”(H.R. Thabrani) (2).


Dumasar ieu hadits ulama Syafi`iyah, sabagean ageung ulama Hanbaliyah, jeung sawareh ulama Hanafiyah sarta Malikiyah nganyatakeun yén nalqinan mayit nyaéta mustahab (sunah)(3).
ieu Hadits memang kaasup hadist anu dhaif (lemah), tatapina ulama mufakat yén hadits anu dhaif ( lemah ) masih bisa dijadikeun cecekelan pikeun ngécéskeun ngeunaan fadloilul a`mal ( kautamian amal ) sarta anjuran pikeun beramal, salami henteu patojaiah  reujeung hadits anu leuwih kuat (hadits shohih jeung hadits hasan lidzatih) jeung hanteu ogé kaasup hadits anu matruk (ditinggalkeun)(4). Jadi henteu nanaon urang ngamalkeunna.
Sajaba ti éta, hadist ieu ogé dikiatan ku pirang-pirang hadits shohih sapertos :

كَانَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ إذَا فَرَغَ مِنْ دَفْنِ الْمَيِّتِ وَقَفَ عَلَيْهِ وَقَالَ : اسْتَغْفِرُوا ؛ لِأَخِيكُمْ وَاسْأَلُوا لَهُ التَّثْبِيتَ ، فَإِنَّهُ الْآنَ يُسْأَلُ . رَوَاهُ أَبُو دَاوُد ، وَصَحَّحَهُ الْحَاكِمُ


“bukti Rosulullah SAW dimana-mana réngsé nguburkeun mayit, anjeunna nangtung di deukeut kuburan jeung ngadawuh :” kudu menta aranjeun kana pangampura pikeun baraya aranjeun jeung kudu menta aranjeun pikeun baraya kateguhan (dina ngawaleur patarosan Mungkar sareung Nakir) sabab saéstuna anjeunna ayeuna keur ditanya” (H.R. Abu Daud jeung dishohihkeun ku Hakim)(5).
oge hadits anu diriwayatkeun ku Imam Muslim r.a :

وعن عمرو بن العاص – رضي الله عنه – ، قَالَ : إِذَا دَفَنْتُمُونِي ، فَأقِيمُوا حَوْلَ قَبْرِي قَدْرَ مَا تُنْحَرُ جَزُورٌ ، وَيُقَسَّمُ لَحمُهَا حَتَّى أَسْتَأنِسَ بِكُمْ ، وَأعْلَمَ مَاذَا أُرَاجِعُ بِهِ رُسُلَ رَبِّي . رواه مسلم

Diriwayatkeun ti `Amr bin Al `Ash, anjeunna ngadawuh : Lamun aranjeun nguburkeun kaula, mangka sakedahna aranjeun  maranéh netap di sakuriling kuburan kaula saukuran dipeuncitna unta jeung dibagi dagingna nepi kaula ngarasa kahibur kalawan aranjeun jeung kaula uninga naon anu baris kaula waler lamun ditanya Mungkar jeung  Nakir(6).

sakabéh hadits ieu némbongkeun yén talqin mayit ngabogaan dasar anu kuat. Ogé nuduhkeun yén mayit bisa ngadéngé naon anu disebutkeun pentalqin jeung ngarasa kahibur kalawan eta talqin.
Salah sahiji ayat anu ngarojong hadits di luhur nyaéta fidawuh Alloh SWT:

وَذَكِّرْ فَإِنَّ الذِّكْرَى تَنْفَعُ الْمُؤْمِنِينَ [الذاريات/55]

“jeung kudu angger méré pepeling anjeun, sabab saéstuna pepeling éta méré mangpaat pikeun pirang-pirang jalma anu ariman. “
ieu Ayat maréntah urang pikeun méré pepeling halna mutlak kalawan hanteu ngakhususkeun jalma anu masih hirup. sabab mayit bisa ngadéngé omongan pentalqin, mangka talqin bisa ogé disebutkeun pepeling pikeun mayit, sabab salah sahiji tujuanna nyaéta ngingetkeun mayit ka Alloh supaya bisa ngawaler patarosan malaikat kubur jeung memang mayit di jero kuburna pohara merlukeun pepeling anu kasebat(7). Jadi ucapan pentalqin lain ucapan sia-sia sabab sakabéh wangun pepeling pasti méré mangpaat pikeun jalma-jalma mukmin.

PANYOKOTAN KATERANGAN TINA KITAB :
(1)شرح النووي على صحيح مسلم – (6 / 219(
(2)المعجم الكبير للطبراني – (ج 7 / ص 286(
المقاصد الحسنة للسخاوي ج 1 ص 167
(3)الأذكار ج 1 ص 162
الجوهرة النيرة ص2 ج2
فتاوى ابن حجر الهيثمي ج 5 ص 226
مغني المحتاج إلى معرفة معاني ألفاظ المنهاج ج 1 ص 447
سبل السلام – (ج 3 / ص 155(
(4)أضواء البيان ج 6 ص 225
المجموع شرح المهذب ج 5 ص 226
(5)سبل السلام – (ج 3 / ص 151)
(6)رياض الصالحين – (ج 1 / ص 477)
(7)التاج والإكليل لمختصر خليل ج 3 ص 3
لسان العرب
تفسير تنوير الأذهان ص 125 ج 3.
أنوار المسالك شرح عمدة السالك ص1

Tidak ada komentar:

Posting Komentar