Kasunnahan anu aya patula patalina jeung ngurus mayit


بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَانِ الرَّحِيْمِ
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيَوةَ  لِيَبْلُوَكُمْ اَيُّكُمْ اَحْسَنُ عَمَلاً. اَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةً تُنْجِى قَائِلَهَا مِنَ النِّيْرَانِ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ  الْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ الله, اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَالله فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى يَا اَيُّهَاالَّذِيْنَ اَمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ.
   وَمَا الْحَيَوةَ الدُّنْيَا إِلاَّ لَعِبٌ وَلَهْوٌ وَلَلدَّارُ اْلأَخِرَةِ خَيْرٌ لِلَّذِيْنَ يَتَّقُوْنَ أَفَلاَ تَعْقِلُوْنَ




perkara-perkara anu sunah dipigawé ka jalma anu keur sakarat (muhtadhor);

1. Madeupkeunna  ka jihat kiblat
Hal ieu bisa dipigawé ku cara ngagolerkeunna dina kekemplong beulah katuhu (mastaka di kalér), lamun henteu kawasa mangka kalawan ngagolerkeunna dina kekemplong kéncana (mastaka di kidul), jeung lamun hal ieu henteu kawasa mangka kalawan posisi diterlentangkeun (mlumah) jeung mere bantal dina mastakana supados tiasa madeup ka qiblat

2. Maoskeun surat yasin kalayan tarik jeung surat Ar-ra’du kalawan lalaunan,
Lamun duanana mumkin di baca, tapi lamun mung mumkin maos salah sahijina, mangka dimaoskeun surat yasin pikeun ngingetkeunana dina urusan ahérat. Lamun muhtadhlor (  jalma anu keur sakarat ) geus henteu miboga rarasaan mangka anu leuwih utama di maoskeun surat Ar-ra’du, pikeun ngagampilkeun kaluarna ruh.[4]

3. Nalqinan ( nungtun pikeun maca اللَّهُ / لا اله الاالله)
Nabi bersabda: « مَنْ كَانَ آخِرُ كَلاَمِهِ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللَّهُ دَخَلَ الْجَنَّةَ »(رواه الحاكم)“sing saha jalma anu ahir hirupna maca لا اله الاالله mangka eta jalma baris asup surga”
Numutkeun qaul sahih panalqinan dipigawé sakali ( henteu perlu dibalikan deui ), kajaba lamun muhtadlor sanggeus ditalqin nyarita, soksanajan masalah ukhrawi, mangka talqin sunah pikeun dibalikan deui. Numutkeun imam As Shamiri talqin henteu sunat dibalikan deui salila muhtadlor henteu ngomongkeun urusan duniawi.
Talqin pikeun jalma muslim henteu maké lafadz tasbih jeung asyhadu, eta dua lafadz anu disebat (  tasbih jeung asyhadu ) dipaké pikeun nalqinan jalma kafir anu diharepkeun asup agama islam.

Jalma anu migawe talqin disunnahkan lain ahli waris, lain satruna ( musuhna ) atawa jalma anu hasud / iri ka anjeunna, hal ieu boga tujuan pikeun nyingkahan sangkaan yén aranjeunna ngarep-ngarep maot muhtadlor.[5]

Lamun anu aya mung ahli waris mangka hadéna anu nalqinan nyaéta ahli waris anu pangnyaahna ka anjeunna.[6]
4. Méré nginum ka Muhtadlor ( jalma anu keur sakarat )
perkara anu disebat disunnahkeun, utamina lamun aya ciri yén anjeunna ménta nginum, sabab dina eta waktu syetan nawarkeun nginum anu bakal ditukeur kalawan kaimanan.

Ciri alus jeung goréngna mayyit:

Ciri-ciri mayyit anu alus:

1. Tarangna kesangan
2. Dua panonna ngaluarkeun cai panon
3. Janur Pangambungna mekar ( ngabeukahan )
4. rarayna marahmay
Ciri-ciri  mayit anu goreng :

1. Beungeutna katempo hanjelu ( sedih ) jeung sieun.
2. Rohna hésé kaluar, malahan nepi ka saminggu
3. Dua juru biwirna ngabudah
ciri-ciri diluhur bisa katempo kabéh, atawa ngan sawaréhna waé.[7]

Katerangan
Lamun aya ciri anu alus mangka sunnah pikeun disebarkeun kajaba lamun mayyit dhohirnya ahli maksiat atawa jalma fasik ( loba doraka ), mangka meunang pikeun dibejakeun ka jalma lian supaya laku-lampah gorengna henteu ditiru ku jalma lian.

Lamun aya cirri anu goreng mangka wajib dirusiahkeun, kajaba dhohirnya mayit nyaéta jalma anu ahli maksiat atawa jalma fasik ( loba doraka ), mangka meunang pikeun dibejakeun ka jalma lian supaya laku-lampah gorengna henteu diturutan ku jalma lian.



Kasunnahanna :
1.dimana nguping warta ( beja ) aya anu maot , mangka ngucap :
إِنَّا لِلهِ ، وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُوْنَ ، وَإِنَّا إِلَى رَبِّنَا لَمُنْقَلِبُوْنَ ، اَللَّهُمَّ اكْتُبْهُ عِنْدَكَ مِنَ الْمُحْسِنِيْنَ ، وَاجْعَلْ كِتَابَهُ فِي عِلِّيِّيْنَ ، وَاخْلُفْهُ فِي أَهْلِهِ فِي الْغَابِرِيْنَ ، وَلَا تَحْرِمْنَا أَجْرَهُ ، وَلَا تَفْتِنَّا بَعْدَهُ
2.dimana ninggal mayit atanapi jalma anu diliwatan ku mayit , mangka ngucap :
سُبْحَانَ الْحَيُّ الَّذِي لَا يَمُوْتُ وَ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ الْحَيُّ الَّذِي لَا يَمُوْتُ

3. Dimana mereumkeun dua socana mayit kalawan ngusap rarayna mayit , mangka ngucap :

بِسْمِ اللهِ وَعَلٰى مِلَّةِ رَسُوْلِ اللهِ صَلْعَمَ ، اَللّـٰهُمَّ اغْفِرْ لَهُ ( هَا )، وَارْحَمْهُ( هَا )، وَارْفَعْ دَرَجَتَهُ ( هَا )،  فِي الْمَهْدِيِّيْنَ، وَاخْلُفْهُ ( هَا )، فِي عَقِبِهِ ( هَا ) الْغَابِرِيْنَ، وَاغْفِرْ لَنَا وَلَهُ ( هَا ) يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ، وَافْسَحْ لَهُ ( هَا ) فِي قَبْرِهِ( هَا )  وَنَوِّرْ لَهُ ( هَا )  فِيهِ ( هَا )



lamun teu acan hasil meremkeun soca mayit mangka tarik lalaunan dua panangan mayit jeung 2 jempol sampean mayit halna babarengan.
4. Dibeungkeut ku kaen anu rubak dua careham-na nepi kana mastaka bagean luhur mayit  supados bahamna mayit henteu kabuka ( hanteu calangap ).
5. Ngaleuleuskeun  sendi-sendi tulangna mayit kalawan ngalipeut pananganna mayit kana siku pananganna mayit, teuras tuurna mayit kana  pingpingna mayit jeung pingpingna mayit kana beuteungna mayit. Saparantos kitu teuras dileumpeungkeun deui,  jeung ramo-ramo pananganna mayit dileuleuskeun. Lamun rada telat nepika awakna mayit jeger, mangka kengeng nganggo minyak atanapi anu sanesna pikeun ngaleuleuskeun sendi-sendi tulang mayit. Faedahna tina ngaleuleuskeun ieu téh eta pikeun ngagampangkeun prosés ngamandian mayit jeung ngaboehan mayit ( ngafanan ).

6. Pakéan mayit dilaan kalawan anca ( lalaunan ), tuluy mayit ditutupan kalawan kaen atanapi samping anu ipis, tungtungna kaen atanapi samping diselipkan dihandap mastaka mayit jeung dua sampean mayit.

a. Pikeun mayit lalaki anu dina kaayaan ihrom mangka mastakana kudu kabuka ( henteu meunang ditutupan )
b. Pikeun mayit awéwé anu keur ihrom mangka rarayna henteu meunang ditutupan.
7. Mayit disimpeun ditempat anu rada luhur, supaya henteu anteul kana taneuh, sapertos di luhur dipan (amben), supados taneuh anu baseuh henteu ngeunaanana eta mayit anu bisa ngancangkeun rusakna awak mayit
8. Ngabeuleum dupa atanapi meunyan atanapi ngawurkeun seuseungitan disabudeureun mayit, supados bau anu teu ngeunah jadi leungit jeung supados nebihkeun fitnah ti jalma-jalma pikeun eta mayit.

9. Nimpeun hiji perkara (salian mushaf ) anu rada beurat dina beuteungna mayit, kalawan cara eta barang di leumpeungkeun jeung dibeungkeut supaya beuteungna mayit teu beukah. pikeun beuratna kira-kira 54,3 gram atanapi 0,5 ons

10. Buru-buru ngalunasan hutangna mayit jeung migawe wasiatna mayit.


[4] Al mahalli juz 1 hal; 321
[5] Nihayatuz zain 147
[6] Qulyubi juz 1 hal;321
[7] Nihayatuz zain hal; 147

Tidak ada komentar:

Posting Komentar